B. Daerah

Pertanyaan

jieun kalimah bilangan tina kecap a.sapuluh b.sagandu c.saleter d.sakilo

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Paguneman
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Kalimah bilangan nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap bilangan. Hiji kalimah anu ngabogaan jejer atawa subjek, caritaan atawa predikat, objek jeung katerangan disebutna nyaeta kalimah lengkep. Dihandap ieu conto kalimah bilangan :

    a. Anu rek milu ka Bandung teh aya sapuluh orang
    b. Gula anu aya di dapur teh tinggal sagandu
    c. Eta minyak tanah teh tinggal saleter
    d. Lauk emas anu dibeuli teh ngan sakilo

    Salian ti kalimah bilangan, aya oge anu disebut kalimah sifat, kalimah barang jeung kalimah pagawean. Kalimah sipat nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap sipat atawa kaayaan. Kalimah barang nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap barang. Sedengkeun kalimah pagawéan nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap pagawean.

Pertanyaan Lainnya