Naon hartina Napas kuda
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Hartina napas kuda nyaeta napasna panjang saperti napas kuda. Jalma anu sok disebut napas kuda biasana kuat lumpat jarak jauh jeung bari tarik deui. Kekecapan napas kuda teh kaasupna kana babasan. Dina basa Sunda babasan kaasupna kana pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Anu kaasup kana pakeman basa nyaeta babasan, paribasa, cacandran, pamali jeung kila-kila.
Pembahasan
Kusabab pakeman basa, saperti oge babasan, miboga susunan kecap atawa kekecapan anu geus maneuh, kecap atawa kekecapa nu aya dina babasan henteu meunang dirobah, ditambah atawa dikurang. Sanajan babasan atawa paribasa teh kecapna biasana mangrupa kecap basa Sunda kasar, babasan jeung paribasa bisa dilarapkeun boh dina basa Sunda lemes boh kasar, sabab kecap atawa kekacapan nu aya dina babasan teu meunang dirobah, saperti dilemeskeun.
Pelajari lebih lanjut
- Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529
- Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
- Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631
__________
Detil Jawaban
Kelas : XI
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Pakeman Basa
Bab : 5
Kode : 11.13.5
Kata Kunci : Hartina napas kuda