Jentrekeun sistematika nulis naskah biantara
B. Daerah
dianaagustine
Pertanyaan
Jentrekeun sistematika nulis naskah biantara
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda Biantara
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Biantara nyaeta nepikeun kedalan atawa nyarita di hareupeun jalma loba anu naskahna disusun sacara rapih jeung merenah. Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa biantara nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi. Biantara biasa direspon ku anu ngaregepkeunnana ku ngan saukur unggeuk, godeg atawa keprok.
Komunikasi anu aya dina biantara umumna monologis atawa komunikasi saarah. Tapi dina biantara anu henteu resmi, kadang-kadang aya oge komunikasi nepi ka dua arah, saperti tanya jawab antara anu nepikeun biantara jeung anu ngaregepkeun biantara, tapi eta oge gumantung kana suasanana.
Sacara umum, eusia tina hiji biantara nyaeta salam bubuka, bubuka, eusi, kacindekan, panutup jeung salam panutup. Di handap ieu dijentrekeun sistematika dina nulis naskah biantara:
1. Usahakan supaya bisa milih topik anu alus jeung merenah, nyaeta topik anu ku urang apal, topik anu dipikaresep ku urang, sarta topik anu matak kataji ka para hadirin.
2. Susun naskah atawa teks biantara, apalkeun eusi biantara na, boh dina nepikeunana ku dibaca boh henteu, ku ngestokeun unsur TAMAN, nyaeta :
a. Tatag dina nyaritana, nyaeta dina nyarita henteu karagok atawa ngarandeg dina nyaritana
b. Aktual dina temana, nyaeta ulah nepikeun biantara anu temana geus basi
c. Munel dina eusina, nyaeta kudu loba mangpaatna atawa loba pulungeunana
d. Alus dina basana, nyaeta saperti ngagunakeun mamanis basa; sarta
e. Ngandung wirahma, nyaeta omonganana kudu diatur gancang launna, tarik alonna, atawa luhur handapna atawa sok disebut lentong
3. Anu terakhir nyaeta eusi biantara anu ditepikeun teh ulah panjang teuing.