B. Daerah

Pertanyaan

conto wawangsalan anu wangsal na PERSIB ??

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Wawangsalan teh nyaeta salahsahiji rupa sisindiran. Dina sastra Indonesia, sisindiran teh sarua atawa sarupa jeung pantun. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, paparikan jeung rarakitan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Dina sapadalisan sisindiran biasana aya dalapan engang.

    Dina sisindiran aya bagean anu disebut cangkang jeung bagean anu disebut eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Di handap ieu nyaeta conto wawangsalan anu wangsalna PERSIB:

    Anu loba bobotohna
    Neng hayu urang ka naib (wangsalna PERSIB)

    Umpama ditilik tina eusina atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran anu eusina mangrupa papatah atawa piwuruk, sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Conto wawangsalan anu di luhur teh mangrupa sisindiran wawangsalan anu eusina mangrupa silihasih.

    Sisindiran teh kaasup kana karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan, pupujian, sajak jeung kawih.

Pertanyaan Lainnya