B. Daerah

Pertanyaan

Naon Hartina kok dalam istilah olahraga badminton di bahasa Sunda

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda
    Kelas : - (SD)
    Pembahasan :

    Istilah kok anu sok disebut ku urang Sunda dina olahraga badminton, nyaeta bal anu digunakeun pikeun maen badminton, asalna tina istilah "shuttle cock". Kusabab sadenge-denge, eta kecap "shuttle cok" teh ku urang Sunda mah disebutna "kok". Badminton mangrupa widang olahraga anu dipikaresep ku urang Sunda, boh dikampung boh dikota, nepika aya lagu atawa kawih anu judulna Badminton. Kawih badminton teh diciptakeun ku Mang Koko, anu dinyanyikeun jeung dipopulerkeun ku penyanyi Benyamin S.

    Dina eta kawih Badminton teh aya istilah-istilah olahraga badminton lianna anu disebut "sadenge-denge", saperti kecap reket anu hartina nyaeta alat pikeun nakol kok dina maen badminton, asalna tina kecap "racket". Net hartina jaring anu digunakeun pikeun maen badminton. Semes anu hartina nakol kok satarikna nepi ka nyirorod ka handap, semes asal kecapna tina "smash".

Pertanyaan Lainnya