jieun kalimah ku paribasa landung kandungan laer aisan
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Conto kalimah ku paribasa "landung kandungan laer aisan" nyaeta saperti "Ari jadi pamingpin teh kudu landung kandungan laer aisan, supaya sagalarupana bisa lumangsung kalayan merenah". Harti paribasa "landung kandungan laer aisan" nyaeta "gede timbanganana jeung gede pangampurana". Dina basa Sunda, paribasa teh kaasup kana pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge.
Pembahasan
Anu kaasup kana pakeman basa nyaeta paribasa, babasan, cacandran, kila-kila jeung pamali. Dina basa Sunda aya loba paribasa anu kecap-kecapna murwakanti atawa miboga purwakanti. Purwakanti nyaeta padeukeutna sora antar kecap-kecap anu aya dina hiji kalimah. Saperti dina paribasa "landung kandungan laer aisan", kecap "landung" murwakanti jeung kecap "kandungan", kecap "laer" murwakanti jeung kecap "aisan".
Pelajari lebih lanjut
- Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529
- Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
- Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3
Kata Kunci : Kalimah ku paribasa landung kandungan laer aisan