jieun cangkang sisindiran paparikan anu eusina lamun hayang jadi pinter kudu getol kasakola
Pertanyaan
lamun hayang jadi pinter
kudu getol kasakola
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Sisindiran paparikan nyaeta salahsahiji rupa sisindiran nu aya. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Sisindiran teh mangrupa salahsahiji puisi Sunda. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi Sunda anu eusina mangrupa carita jeung puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita.
Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, sajak, guguritan, mantra jeung pupujian. Dina sastra Indonesia, sisindiran sarua wangunna jeung pantun. Saperti disebutkeun di luhur, dina puisi Sunda oge aya anu disebut carita pantun. Tapi, carita pantun beda jeung pantun atawa sisindiran.
Pembahasan
Ari carita pantun mah eusina mangrupa carita, sedengkeun pantun atawa sisindiran mah eusina henteu mangrupa carita. Dina sabaris sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagian cangkang atawa sampiran jeung bagian eusi. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat jajar atawa padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan.
Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta sisindiran paparikan salengkepna:
lamun jalan embung muter
kudu lewat bale desa
lamun hayang jadi pinter
kudu getol kasakola
Pelajari lebih lanjut
1. Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
2. Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
3. Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran
Bab : 4
Kode : 8.13.4
Kata Kunci : Sisindiran, paparikan, rarakitan, wawangsalan, puisi Sunda