tolong buat kan kalimah wawasan tina kecap kecap : iber , pranata calagara , balarea , pamilon , ngamumule
B. Daerah
annisyadwi51
Pertanyaan
tolong buat kan kalimah wawasan tina kecap kecap : iber , pranata calagara , balarea , pamilon , ngamumule
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kalimah wawaran nyaeta kalimah anu ngabejaan hiji informasi, kajadian atawa kaayaan. Kalimah wawaran biasana henteu merlukeun jawaban atawa tindakan ti anu narima beja eta.
1. Iber hartina kabar, beja atawa warta. Conto kalimah anu make kecap iber "Jaman kiwari mah ulah sok gancang percaya kana unggal iber anu ditarima".
2. Panata calagara hartina sarua jeung panitia. Conto kalimah anu make kecap panata calagra "Anu jadi panata calagra perpisahan teh lolobana ti kelas 8".
3. Balarea hartina sadayana atawa rakyat. Conto kalimah anu make kecap balarea "Seni jeung budaya Sunda teh milik urang balarea".
4. Pamilon hartina anu milu, anu hadir (hadirin) atawa peserta. Conto kalimah anu make kecap pamilon "Dina sawala kamari teh loba pamilon anu hadir".
5. Ngamumule hartina miara jeung ngalestarikeun. Conto kalimah anu make kecap ngamumule "Salaku urang Sunda, urang wajib ngamumule basa jeung budaya Sunda".